SYAIR RINDU SANTRI SALAFI
Aduh ema aduh bapa
batin abdi keur nalangsa
sering emut ka anjeunna
kasepna kabina-bina
iraha abdi patepang
jeung anu dipikasayang
anu sok kabayang-bayang
tiap weungi tiap siang
rindu mani teu katahan
hoyong pendak jeung pujaan
cipanon sing kareclakan
duh gusti abdi tulungan
kumaha kabar anjeunna
ayeuna aya dimana
hayang nelpon hente bisa
hpna geh hente aya
hiji mangsa aya kiriman
kirimanna babaturan
arek ngilu sms'an
horeng mah taya pulsaan
habibi aduh habibi
iraha ngalongok abdi
naha tos teu emut deui
ka abdi nu keur menanti
habibi goba'an 'aini
lakin laa yagi fii qolbi
engkau jauh dimataku...
tapi dekat dihatiku...
duh angin nu ngahiliwir
sampaikeun salam sim abdi
ka anjeunna nu keur ngaji
nu janten pujaan hati
sakieu nadzoman tamat
mudah-mudahan manfaat
ka santri nu rindu berat
ka kakakasihna teu kuat
Hatur nuhun...❤❤
0 comments:
Post a Comment