Duh angin nu ngahiliwir...
sampaikeun salam sim abdi
ieu syairan insanii..
nu mencintai ka santri
Nu kasep kabina-bina
ngagoda mata jeung raga
lalakon dua manusa..
nu awalna mikacinta
Kahalang ku cita-cita
tah ieu teh lalakonna
hiji mangsa dinteun jumat
abdi pamit arek angkat
Nyiar elmu nu manfaat
supados luhur derajat
abdi teh di pamondokan
nganinggalkeun karinduan
Dipisah ku kajauhan
cinta butuh pangorbanan
tos lami henteu patepang
sareung anjenna tersayang
Anjen pendak jeung parawangeulisna kawas biduan
duh gusti abdi sengsara
mencintai hiji wanuja
Cinta abdi saleureusna
dianggap cinta nurjana
duh gusti abdi tulungan
hate nuju kanyeurian
Lalaki nu janten pilihan
direbut para walian
dahar abdi teu mirasa
sare abdi henteu tibra
Raga abdi rasa neurak
sebab ngemutan anjenna
soca ngalirkeun cisoca
abdi kawas jalmi buta
Emutna sebabna cinta
ahirna jadi nalangsa
ieu seurat janten hasrat
tulisan wawakil lisan
Jeung kertas nu janten tugas
tur mangsi nu janten saksi
mugi gusti ngawidian
ngagentos kanalangsaan
Ngilangkeun ka perhatian
di gentos ku kabingahan
margi wungkulkeun ka gusti
sim abdi masrahkeun diri
tina setan sareung jalmi
mugi wungkulkeun ka gusti
Turnuhun amang ☺
Masya Allah... Mugia jodoh abdi istri anu soleha gustii...
ReplyDeleteAamiin a
ReplyDelete❤️
ReplyDelete